Posts

Showing posts from May, 2007

sajak kintunan ti AS Sudjatna - Yogyakarta

CIPASUNG I Nyingraykeun lalangse hirup Na ngaran anjeun nu nyambuangkeun hurip Najan sakapeung mah kasered owah gingsir Tapi teu burung balabuh deui Di muara-muara nu tangtu Na tapakan sajarah anjeun Jongjon nasrip sesa hirup Bari pinuh kupangharepan Mugia waluya salalawasna Ngabukbak sajatining diri na dada anjeun Taya paguneman dina catur tanpa bukur Wungkul pinuh ku milang renghapan Nu kudu terus dilakonan lain na kalalaworaan Duka, Duka iraha kuring mulang tarima Sabab masih aprak-aprakan Neangan hate nu leungit Nu geus lila ngalahgar tina cimata Ngan tangtu teu kendat neda pang du’a Mugia tapak lacak nu pinuh ku lalawora Bisa diseuseuh Na eunteung diri anjeun Nu hirup jeung huripna Nangtung na jalan balungbang timur salawasna Cipasung 21-feb-03