Posts

Showing posts with the label carpon

Surti, Minceu Jeung Neng Inah (Euis bag. III)

Teuing sabaraha lila. Kami huleng jentul teu puguh pikiran. Masih kénéh mikiran sora awéwé tina jero hénpun. Asa rada wawuh kana sorana. Ngadadak uing inget ka Si Surti almarhum, Néng Inah jeung Si Minceu penyanyi dangdut, katut sakabéh sora awéwé nu pernah dalit dina ceuli. Diingetan deui. Rek teu dalit kumaha geura, Si Surti, tukang cocorowokan tengah peuting menta dianteur meuli bubur kacang. Atuh, saban peuting téh kami kudu unggah turun tangga. Pulang anting ka burjo, ka kontrakan Si Sisurti, ka kontrakan kami. Da puguh kontrakan si surti téh lain ngan sa tingkat. Kami oge kitu, beda imah wungkul. Mending lamun nu deukeut. Geus mun hayang nu jauh. Kahayangna leuwih-leuwih tibatan nu keur nyiram anak ka hiji. Nepi ka rék jungna isuk-isuk, peuting na téh tas ngagorowok menta dianteur meuli bubur ka pasar rebo. Jauh. Dianteur ku kami téh. Néng Inah, puguh deui si ieumah tukang ceurik dina telepun. Saban-saban nelpun pasti aya ceurikna. Rék teu ceurik kumaha coba, keur anteng-ante...

Hudang Saré jeung Hénpun (Euis bag. II)

Jam genep harita téh. Wayah magrib. Sora hénpun jeung nu adan patarik-tarik ngajorowok gigireun ceuli. Harita ngahaja, neundeun henpun téh gigireun ceuli pisan, ngarah mun aya télpun ti manéhna bisa kajawab. Dua taun ka tukang ogé ngahaja, néangan kontrakan téh nu gigireun langgar. Minangkanamah ngarah rajin ka langgar. Tapi nu aya, malah solat gé loba dilanggar. Pas. Duanana kalakonan, kontrakan gigireun langgar. Persis, di lantai dua malahmah. Sapékérna ogé meni nyoro pisan kana jandéla. Hénpun, jeung ku kaparengan nepi ka boga tiluna. Hénpun masih kénéh silih témbal, tiluanana disada. Nu adan geus di ganti ku nu komat. Tadinamah rék di antép. Tapi panasaran, benéran kitu ti manéhna? Sok, hiji-hijii di ilikan, nudua jelas ngan saukur alarem wungkul, rét ka hénpun buhun, aya lima kalina teu ka jawab. Nu solat di langgar geus rengsé. Hénpun teu disada deui. Asa jadi hanjakal hudang. Ngimpi jadi kapotong, hawa tunduh masih meungkeut dina mata. Uyuhan, geus poé katilu uing can saré b...

Ucing Garong

Jam tujuh peuting. Hujan ngarinrincik. Beus kota. Pinuh. Geus ilahar lamun dina beus kota sok patumpuk, pageye-geye jiga sate, dibariskeun jiga meri jeung lauk teri. Tapi peting tadi mah, di antara lauk teri aya ucing hiji. Ceuk pikir, sakali-kalimah teu nanaon meurun jadi ucing garong, da mimitina oge geus puguh mepet, pasesedek, har kala aya anu nyenyedek dada kana tonngong. Geus ilahar, ceuk pikir. Tapi lebah cangkeng asa aya anu rada teuas, waduh gawat, radar ka lalakian beraksi. Baelah, sugan beneran etateh lauk, da geus ilahar ti dituna,ucing di sampakan lauk, maenya diantep, pasti di henggoy...sok atuh urang beraksi. Samenit, dua menit, dada beuki napel kana tonggong. Jajantung beuki dalikduk. Nungatel-ngatel dada beuki napel naker. Puguh geus lila aing teu manggihh nu kitu, keur tiris teh, aya anu ngasor-ngasor. sok...da meenya diantep. Rek malikeun awak pikir teh, ngarah sakalian pahareup-hareup. Teu lila, naek deui hiji wanoja anu rada mencrang, buuk sa taktak rumbai, galin...