Posts

TUTURUT MUNDING

Image
Sabenerna, tulisan ieu ngan saukur tuturut munding ka teuing saha nu rajin nulis. Ceuk diri, kuring ge hayang jiga batur, nulis, nulis, nulis, terus tulisanna dibaca kubatur. Jadi, ujung-ujungna uing ngan bisa tuturut munding, nulis, saaya-aya, teuing naon, teuing pantes teuing henteu disebut tulisan, KUMAHA AING, da ieumah ngan saukur tuturut munding.

Teuing Naon

Image
 Ieu tulisan hasil nyobaan tina audio kana teks  Ya,  itung-itung mangpaatkeun teknologi. Artina ku ayana teknologi anu anyar urang bisa leuwih produktif teu kudu cape ngetik bari mikir tinggal ngomong jiga ngobrol langsung, hasilna mangrupa teks. Meski hasilna teu langsung alus, ngomongna oge kudu rada ditatar, terus hasil transripna kudu diedit deui supaya bisa dibaca. Tos ah...cag heula.

Surti, Minceu Jeung Neng Inah (Euis bag. III)

Teuing sabaraha lila. Kami huleng jentul teu puguh pikiran. Masih kénéh mikiran sora awéwé tina jero hénpun. Asa rada wawuh kana sorana. Ngadadak uing inget ka Si Surti almarhum, Néng Inah jeung Si Minceu penyanyi dangdut, katut sakabéh sora awéwé nu pernah dalit dina ceuli. Diingetan deui. Rek teu dalit kumaha geura, Si Surti, tukang cocorowokan tengah peuting menta dianteur meuli bubur kacang. Atuh, saban peuting téh kami kudu unggah turun tangga. Pulang anting ka burjo, ka kontrakan Si Sisurti, ka kontrakan kami. Da puguh kontrakan si surti téh lain ngan sa tingkat. Kami oge kitu, beda imah wungkul. Mending lamun nu deukeut. Geus mun hayang nu jauh. Kahayangna leuwih-leuwih tibatan nu keur nyiram anak ka hiji. Nepi ka rék jungna isuk-isuk, peuting na téh tas ngagorowok menta dianteur meuli bubur ka pasar rebo. Jauh. Dianteur ku kami téh. Néng Inah, puguh deui si ieumah tukang ceurik dina telepun. Saban-saban nelpun pasti aya ceurikna. Rék teu ceurik kumaha coba, keur anteng-ante...

Hudang Saré jeung Hénpun (Euis bag. II)

Jam genep harita téh. Wayah magrib. Sora hénpun jeung nu adan patarik-tarik ngajorowok gigireun ceuli. Harita ngahaja, neundeun henpun téh gigireun ceuli pisan, ngarah mun aya télpun ti manéhna bisa kajawab. Dua taun ka tukang ogé ngahaja, néangan kontrakan téh nu gigireun langgar. Minangkanamah ngarah rajin ka langgar. Tapi nu aya, malah solat gé loba dilanggar. Pas. Duanana kalakonan, kontrakan gigireun langgar. Persis, di lantai dua malahmah. Sapékérna ogé meni nyoro pisan kana jandéla. Hénpun, jeung ku kaparengan nepi ka boga tiluna. Hénpun masih kénéh silih témbal, tiluanana disada. Nu adan geus di ganti ku nu komat. Tadinamah rék di antép. Tapi panasaran, benéran kitu ti manéhna? Sok, hiji-hijii di ilikan, nudua jelas ngan saukur alarem wungkul, rét ka hénpun buhun, aya lima kalina teu ka jawab. Nu solat di langgar geus rengsé. Hénpun teu disada deui. Asa jadi hanjakal hudang. Ngimpi jadi kapotong, hawa tunduh masih meungkeut dina mata. Uyuhan, geus poé katilu uing can saré b...

EUIS

EUIS Ku: Zaky Mubarok Geus saminggu. Uing ngerem di jero kamar. Teu kunanaon, ngan pédah boga kaulinan anyar di kamar. uing boga jaringan internét gratisan. Kabeneran, kamar uing deukeut kampus, meunang jaringan hotspot ti kampus. Lumayan, bisa nyaho dunya internasional. Sok sanajan ti dunya maya, beiheung benér ogé. Sakapeung sok ngaunduhan pilem karesép saréréa, pilem jelma kawin. Komo ayeunamah cénah, keur ramé pésbuk. Saeutik-saeutik pésbuk, saeutik saeutik pésbuk. Boa-boa meureun loba warung internét gigireun kampus ogé gara-gara pésbuk. Malah nepi ka aya babasaan, gagara pésbuk, solat jumat jadi masbuk. Dina pésbuk, mang rupa-rupa jelema bisa dipanggihan, diajak ngobrol, diajak naon baé. Lah, pokonamah dunya hampir dina leungeun. Rék maén gim aya, rék néangan konco bisnis loba. Rék naon baé samentara bisa tina pésbuk. Ngan nu acan téh, kaperluan badan, mandi, dahar, nginum, miceun can bisa tina pésbuk. Tapi samentara, soal dahar jeung nginum geus teu kudu kaluar ti kamar, cu...

Ucing Garong

Jam tujuh peuting. Hujan ngarinrincik. Beus kota. Pinuh. Geus ilahar lamun dina beus kota sok patumpuk, pageye-geye jiga sate, dibariskeun jiga meri jeung lauk teri. Tapi peting tadi mah, di antara lauk teri aya ucing hiji. Ceuk pikir, sakali-kalimah teu nanaon meurun jadi ucing garong, da mimitina oge geus puguh mepet, pasesedek, har kala aya anu nyenyedek dada kana tonngong. Geus ilahar, ceuk pikir. Tapi lebah cangkeng asa aya anu rada teuas, waduh gawat, radar ka lalakian beraksi. Baelah, sugan beneran etateh lauk, da geus ilahar ti dituna,ucing di sampakan lauk, maenya diantep, pasti di henggoy...sok atuh urang beraksi. Samenit, dua menit, dada beuki napel kana tonggong. Jajantung beuki dalikduk. Nungatel-ngatel dada beuki napel naker. Puguh geus lila aing teu manggihh nu kitu, keur tiris teh, aya anu ngasor-ngasor. sok...da meenya diantep. Rek malikeun awak pikir teh, ngarah sakalian pahareup-hareup. Teu lila, naek deui hiji wanoja anu rada mencrang, buuk sa taktak rumbai, galin...

Teuing nanahaon

Teuing nanahaon ieu teh, ngan nu pastimah lebar we kana ieu blog, geus ti 2007 hahahaha scikan we, susuganan bisa mangfaat. bismilah

Tes pos 2020

google.com, pub-7858642319679827, DIRECT, f08c47fec0942fa0
abda'u bismillaahirrahmaanirrahiim Mimiti Maret munggaran 2011, Sanggar Sastra Sunda Ciputat rék ngamimitian deui pagawéan anu katunda. Tempatna ngiring ka Asrama Galuh Jaya nyaéta di: Komplek Haperindo, Jl. Bulak Raya Rt 02/06 Kel. Cempaka Putih, Kec. Ciputat Timur Kota Tangerang Selatan Banten 15412 Ku kituna, ka sakumna warga Wiwitan, hayu urang ngadu bako deui, sabihara-bihari deui tiap pukul opat soré, poé Salasa. hatur nuhun, pun, Pupuhu

dikawitan deui

Minangka ngamimitian deui. Ieu blog rek direopea deui...mangga

bismillah...

saung kuring, tempat cicing kuring...rek dimimitian dicicingan deui...dipulasara sakuduna...mugia pareng ginanjar kawilujengan....amin...cag ah...urang munggarana deui...

Wegah...

Wilujeng patepang deui lur... puguhan ieuteh...simkuring rada karepotan, duka repot ku naon...tiap ka internet, unggal-unggal males we nua aya...ujung-ujungna mukaan gambar nu teupuguh...nembe ayeuna deui yeu rada hayang dialusan deui...nya maksud teh, rada diropea deui...dieusian deui...ngan duka bade ku berita naonnamah kumaha engke we...cag...mangga diantos nya...

Saémbara Ngarang Carita Pondok di Internét, Marebutkeun Piagam “BUJANGGA MAYA”

Situs http://galuh-purba.com gawé bareng jeung http://sunda.web.id, ngagelar saémbara ngarang carpon dina internét. Ieu saémbara téh diayakeun pikeun ngaronjatkeun kréatifitas ngarang carpon jeung ngundakeun pangaweruh ngeunaan dunya internét. Dalapan (8) naskah nu kapeunteun baris dilélér hadiah duit ku MICHAEL H. MARTIN. Hadiah Pinunjul 1 Rp 500.000,- (Ditambih Piagam Bujangga Maya) Hadiah Pinunjul 2 Rp 300.000,- (Ditambih Piagam) Hadiah Pinunjul 3 Rp 200.000,- (Ditambih Piagam) Hadiah Pinunjul Harepan 5 urang @Rp 100.000,- (Ditambih Piagam) salengkepna...>>>

Saémbara Ngarang Carita Pondok di Internét, Marebutkeun Piagam “BUJANGGA MAYA”

Situs http://galuh-purba.com gawé bareng jeung http://sunda.web.id, ngagelar saémbara ngarang carpon dina internét. Ieu saémbara téh diayakeun pikeun ngaronjatkeun kréatifitas ngarang carpon jeung ngundakeun pangaweruh ngeunaan dunya internét. Dalapan (8) naskah nu kapeunteun baris dilélér hadiah duit ku MICHAEL H. MARTIN. Hadiah Pinunjul 1 Rp 500.000,- (Ditambih Piagam Bujangga Maya) Hadiah Pinunjul 2 Rp 300.000,- (Ditambih Piagam) Hadiah Pinunjul 3 Rp 200.000,- (Ditambih Piagam) Hadiah Pinunjul Harepan 5 urang @Rp 100.000,- (Ditambih Piagam) salengkepna...>>>
arjuna ilang cinta mapag wanci di janari nyinglar ibun rebun rebun [salengkapna...]

Ti Dewan Kesenian Jakarta

Bengkel Penulisan Novel DKJ Dewan Kesenian Jakarta ngabuka kasempatan pikeun para penulis novel pemula kanggo ngiringan "Bengkel Penulisan Novel DKJ" anu bade dilaksanakeun dinia sasih Maret - Mei 2008. baca sa lengkapna...

SELAMAT

SELAMAT KANGGO IRFAN HILMI RAJA GALUH IV KELUARGA BESAR MAHASISWA GALUH JAYA JABODETABEK PERIODE 2007-2008 BRAL TANDANG MAKALANG !!!

Info

kaparanggih geuning ayeunamah! aya deui situs anu kasundawian...coba diilikan... http://sunda.web.id situs ieu eusina lumyan hade...nyaris komplit tentang sunda. mantaplah...komo tampilannamah, apik resik, enak we pokonamah...sok lah wilujeng ngilikan...

Salam

nyinglar carita... kamarana ari urang sunda...disebuta euweuh da aya, disebut aya da euwueh...kamarana atuh...(doel sumbang_urang sunda)...lamun di renyepan eta babasan teh asa bener kaayaanana...cik cobi kuurang saliksik, loba jelema sunda anu hirup di kota anu bahasana lain sunda...kuringmah sok asa ngahanjakalkeun lamun manehna pakawulan jeung urang sunda deui bari teu make bahasa sunda...kpan cenah ari cirina jalma anu berbudayateh nyaeta berbahasa, berarti tina sapalihna budaya sundateh nyaeta bahasa sunda...lamun lain kuruarang nu ngaropea, nya bade kusaha deui??? cik ayena teang, tong boro di Jakarta, di kota kota anu jelas di Jawa Barat loba jelma sunda anu teu make bahasa sunda pas kawul jeung sunda deui...jelma naon ari nukituteh...kocapkeun kuring pernah nanya kajalma model kitu, jawabanamah alus! Nasionalis...cinta indonesia...heueuh, jwabanamah bener, tapi ari sunda ayana di mana? di Indonesia lain?...cik lenyepan deui ku urang salaku warga sunda, komo nu geus jarang make ...

sajak kintunan ti AS Sudjatna - Yogyakarta

CIPASUNG I Nyingraykeun lalangse hirup Na ngaran anjeun nu nyambuangkeun hurip Najan sakapeung mah kasered owah gingsir Tapi teu burung balabuh deui Di muara-muara nu tangtu Na tapakan sajarah anjeun Jongjon nasrip sesa hirup Bari pinuh kupangharepan Mugia waluya salalawasna Ngabukbak sajatining diri na dada anjeun Taya paguneman dina catur tanpa bukur Wungkul pinuh ku milang renghapan Nu kudu terus dilakonan lain na kalalaworaan Duka, Duka iraha kuring mulang tarima Sabab masih aprak-aprakan Neangan hate nu leungit Nu geus lila ngalahgar tina cimata Ngan tangtu teu kendat neda pang du’a Mugia tapak lacak nu pinuh ku lalawora Bisa diseuseuh Na eunteung diri anjeun Nu hirup jeung huripna Nangtung na jalan balungbang timur salawasna Cipasung 21-feb-03