Jam tujuh peuting. Hujan ngarinrincik. Beus kota. Pinuh. Geus ilahar lamun dina beus kota sok patumpuk, pageye-geye jiga sate, dibariskeun jiga meri jeung lauk teri. Tapi peting tadi mah, di antara lauk teri aya ucing hiji. Ceuk pikir, sakali-kalimah teu nanaon meurun jadi ucing garong, da mimitina oge geus puguh mepet, pasesedek, har kala aya anu nyenyedek dada kana tonngong. Geus ilahar, ceuk pikir. Tapi lebah cangkeng asa aya anu rada teuas, waduh gawat, radar ka lalakian beraksi. Baelah, sugan beneran etateh lauk, da geus ilahar ti dituna,ucing di sampakan lauk, maenya diantep, pasti di henggoy...sok atuh urang beraksi. Samenit, dua menit, dada beuki napel kana tonggong. Jajantung beuki dalikduk. Nungatel-ngatel dada beuki napel naker. Puguh geus lila aing teu manggihh nu kitu, keur tiris teh, aya anu ngasor-ngasor. sok...da meenya diantep. Rek malikeun awak pikir teh, ngarah sakalian pahareup-hareup. Teu lila, naek deui hiji wanoja anu rada mencrang, buuk sa taktak rumbai, galin...