Posts

Showing posts from 2007

SELAMAT

SELAMAT KANGGO IRFAN HILMI RAJA GALUH IV KELUARGA BESAR MAHASISWA GALUH JAYA JABODETABEK PERIODE 2007-2008 BRAL TANDANG MAKALANG !!!

Info

kaparanggih geuning ayeunamah! aya deui situs anu kasundawian...coba diilikan... http://sunda.web.id situs ieu eusina lumyan hade...nyaris komplit tentang sunda. mantaplah...komo tampilannamah, apik resik, enak we pokonamah...sok lah wilujeng ngilikan...

Salam

nyinglar carita... kamarana ari urang sunda...disebuta euweuh da aya, disebut aya da euwueh...kamarana atuh...(doel sumbang_urang sunda)...lamun di renyepan eta babasan teh asa bener kaayaanana...cik cobi kuurang saliksik, loba jelema sunda anu hirup di kota anu bahasana lain sunda...kuringmah sok asa ngahanjakalkeun lamun manehna pakawulan jeung urang sunda deui bari teu make bahasa sunda...kpan cenah ari cirina jalma anu berbudayateh nyaeta berbahasa, berarti tina sapalihna budaya sundateh nyaeta bahasa sunda...lamun lain kuruarang nu ngaropea, nya bade kusaha deui??? cik ayena teang, tong boro di Jakarta, di kota kota anu jelas di Jawa Barat loba jelma sunda anu teu make bahasa sunda pas kawul jeung sunda deui...jelma naon ari nukituteh...kocapkeun kuring pernah nanya kajalma model kitu, jawabanamah alus! Nasionalis...cinta indonesia...heueuh, jwabanamah bener, tapi ari sunda ayana di mana? di Indonesia lain?...cik lenyepan deui ku urang salaku warga sunda, komo nu geus jarang make

sajak kintunan ti AS Sudjatna - Yogyakarta

CIPASUNG I Nyingraykeun lalangse hirup Na ngaran anjeun nu nyambuangkeun hurip Najan sakapeung mah kasered owah gingsir Tapi teu burung balabuh deui Di muara-muara nu tangtu Na tapakan sajarah anjeun Jongjon nasrip sesa hirup Bari pinuh kupangharepan Mugia waluya salalawasna Ngabukbak sajatining diri na dada anjeun Taya paguneman dina catur tanpa bukur Wungkul pinuh ku milang renghapan Nu kudu terus dilakonan lain na kalalaworaan Duka, Duka iraha kuring mulang tarima Sabab masih aprak-aprakan Neangan hate nu leungit Nu geus lila ngalahgar tina cimata Ngan tangtu teu kendat neda pang du’a Mugia tapak lacak nu pinuh ku lalawora Bisa diseuseuh Na eunteung diri anjeun Nu hirup jeung huripna Nangtung na jalan balungbang timur salawasna Cipasung 21-feb-03

Purnama Opatwelas

(keur Siti Rahma) ningali rupa bulan tengah peuting ngingetan wanci anu kungsi kalunta cicing jempling mempende ati nu tunggara ; anjeun duka di mana lalaunan lambaran mangsa pating jorelat mang pirang pirang carita tingbelesat nyimatakeun sumoreang tina sakabeh kamelang naha iraha urang bisa patepang ;teu kuat nahan tibelat ngan anjeun ilang paanggang

Yap kadieu

yap kadieu cinta urang ningali balong anu pinuh ku bentang yap, yap kadieu di dieu aya cikopi jeung bala bala keur nguseup, cenahmah hayang katumbiri jeung layung, susuganan ngait yap, yap kadieu urang mapay mapay galeng nenjoan sawah anu keur tibra bari ngais kanyeri lemah cai yap kadieu cinta di dieu aya keneh sapiring kaheman anu nyesa urut barudak basa keur perang poe kamari yap, yap kadieu tuh geura aya mega mawa kembang ros bangun beuruem euleuh itu itu geura yap, yap kadieu aya angin keur lulumpatan bari mawa beja aya anu keur katresna cipasung, 2 Januari 2004

Bismillah

bismilah urang wiwitan. neja pang dua ka sadayana, mugia ieu blog sinareng sanggarna tiasa langgeng, berkembang ka arah anu leuwih sae. salam, pangurus