sajak kintunan ti AS Sudjatna - Yogyakarta

CIPASUNG I

Nyingraykeun lalangse hirup
Na ngaran anjeun nu nyambuangkeun hurip
Najan sakapeung mah kasered owah
gingsir
Tapi teu burung balabuh deui
Di muara-muara nu tangtu

Na tapakan sajarah anjeun
Jongjon nasrip sesa hirup
Bari pinuh kupangharepan
Mugia waluya salalawasna

Ngabukbak sajatining diri na dada
anjeun
Taya paguneman dina catur tanpa bukur
Wungkul pinuh ku milang renghapan
Nu kudu terus dilakonan lain na
kalalaworaan

Duka,
Duka iraha kuring mulang tarima
Sabab masih aprak-aprakan
Neangan hate nu leungit
Nu geus lila ngalahgar tina cimata
Ngan tangtu teu kendat neda pang du’a
Mugia tapak lacak nu pinuh ku lalawora
Bisa diseuseuh
Na eunteung diri anjeun
Nu hirup jeung huripna
Nangtung na jalan balungbang timur
salawasna

Cipasung 21-feb-03

Comments

Unknown said…
Terima kasih informasinya lumayan bisa menambah wawasan :*

Obat Panu Yang Paling Manjur Sedunia

Popular posts from this blog

Surti, Minceu Jeung Neng Inah (Euis bag. III)

Ucing Garong