TUTURUT MUNDING

Sabenerna, tulisan ieu ngan saukur tuturut munding ka teuing saha nu rajin nulis. Ceuk diri, kuring ge hayang jiga batur, nulis, nulis, nulis, terus tulisanna dibaca kubatur. Jadi, ujung-ujungna uing ngan bisa tuturut munding, nulis, saaya-aya, teuing naon, teuing pantes teuing henteu disebut tulisan, KUMAHA AING, da ieumah ngan saukur tuturut munding.



Tah, lebah dieu pisan, rarasaan teh pamadegan kuring jiga kitu teh karasana alus, kawasna alus, idealis cenah...tapi saenyana kosong.

Ngan, ceuk pikir, lamun henteu latihan nulis, moal bisa-bisa. Jadi hampura ka sadayana anu maca, ieu ngan saukur lalakon kuring diajar nulis. Bayangkeun, ayeuna umur uing geus 34 tahun. kasebutnamah kalahiran Sunda, sapopoe hampir bahasa Indonesia, mangsa jajaka di tatar Sunda, ngan giliran nulis, euweuh kabisa. ampuuuuu....

Duh, kumaha ari geus kieu, tuluykeun ulah?

Cik urang tuluykeun. Mugia dina tulisan salajengna, saterusna, ieu wadah bisa jadi saksi....tulisan kuring bisa dibaca. amin keun atuh...pepeuriheun, bahasa daerah khususna bahasa Sunda beuki dieu beuki hese...kusabab sakabeh warga sunda ayeuna geus loba nu marake bahasa nasional. Bahasa Persatuan, Bahasa Indonesia. ari bahasa indungna, bahasa tanah kalahiranna dipohokeun, kapohokeun, dipopohokeun.

Tah, lebah dieu, pikeun urang Depokmah jadi dilematis, duh bahasa sundana naon dilematis teh...antep- dina pelajaran SD, SMP, SMA di Depok aya mulok Bahasa Sunda, sementara urang Depokna loba anu ngarasa urang Betawi...jir....kumaha atuh? nya terpaksa da kudu, dialajar weh, bahasa Sunda...rieut we nu aya...diajar Bahasa Sunda di Depok leuwih rieut daripada diajar Bahasa Inggris jeung Bahasa Arab....hahaha

Bayangkeun, pergaulan Batawian, sawareh Inggrisan dan loba nu sakola Internasional cenah, sawareh Ane-Ente da aAraban....ari di sakola wajib bisa bahasa sunda ku alatan kota Depok ayana di Provinsi Sunda eh Jawa Barat. ahahahaha

Sok atuh, ka warga Kota Depok anu hayang diajar Bahasa Sunda, mangga, simkuring nampi Ngelesan jeung muka kelas, Kursus Bahasa Sunda. Hahahaha...sok beneran....mangga kontak we IG kuring @anginkamajaya...

Cag ah....di antosan.

Comments

Popular posts from this blog

Surti, Minceu Jeung Neng Inah (Euis bag. III)

Ucing Garong