Purnama Opatwelas

(keur Siti Rahma)

ningali rupa bulan tengah peuting
ngingetan wanci anu kungsi kalunta
cicing jempling
mempende ati nu tunggara
; anjeun duka di mana

lalaunan
lambaran mangsa pating jorelat
mang pirang pirang carita tingbelesat
nyimatakeun sumoreang
tina sakabeh kamelang

naha iraha urang bisa patepang
;teu kuat nahan tibelat
ngan anjeun ilang paanggang

Comments

Unknown said…
Terima kasih informasinya lumayan bisa menambah wawasan :*

Obat Panu Yang Paling Manjur Sedunia

Popular posts from this blog

Surti, Minceu Jeung Neng Inah (Euis bag. III)

Ucing Garong