Teuing sabaraha lila. Kami huleng jentul teu puguh pikiran. Masih kénéh mikiran sora awéwé tina jero hénpun. Asa rada wawuh kana sorana. Ngadadak uing inget ka Si Surti almarhum, Néng Inah jeung Si Minceu penyanyi dangdut, katut sakabéh sora awéwé nu pernah dalit dina ceuli. Diingetan deui. Rek teu dalit kumaha geura, Si Surti, tukang cocorowokan tengah peuting menta dianteur meuli bubur kacang. Atuh, saban peuting téh kami kudu unggah turun tangga. Pulang anting ka burjo, ka kontrakan Si Sisurti, ka kontrakan kami. Da puguh kontrakan si surti téh lain ngan sa tingkat. Kami oge kitu, beda imah wungkul. Mending lamun nu deukeut. Geus mun hayang nu jauh. Kahayangna leuwih-leuwih tibatan nu keur nyiram anak ka hiji. Nepi ka rék jungna isuk-isuk, peuting na téh tas ngagorowok menta dianteur meuli bubur ka pasar rebo. Jauh. Dianteur ku kami téh. Néng Inah, puguh deui si ieumah tukang ceurik dina telepun. Saban-saban nelpun pasti aya ceurikna. Rék teu ceurik kumaha coba, keur anteng-ante
Jam tujuh peuting. Hujan ngarinrincik. Beus kota. Pinuh. Geus ilahar lamun dina beus kota sok patumpuk, pageye-geye jiga sate, dibariskeun jiga meri jeung lauk teri. Tapi peting tadi mah, di antara lauk teri aya ucing hiji. Ceuk pikir, sakali-kalimah teu nanaon meurun jadi ucing garong, da mimitina oge geus puguh mepet, pasesedek, har kala aya anu nyenyedek dada kana tonngong. Geus ilahar, ceuk pikir. Tapi lebah cangkeng asa aya anu rada teuas, waduh gawat, radar ka lalakian beraksi. Baelah, sugan beneran etateh lauk, da geus ilahar ti dituna,ucing di sampakan lauk, maenya diantep, pasti di henggoy...sok atuh urang beraksi. Samenit, dua menit, dada beuki napel kana tonggong. Jajantung beuki dalikduk. Nungatel-ngatel dada beuki napel naker. Puguh geus lila aing teu manggihh nu kitu, keur tiris teh, aya anu ngasor-ngasor. sok...da meenya diantep. Rek malikeun awak pikir teh, ngarah sakalian pahareup-hareup. Teu lila, naek deui hiji wanoja anu rada mencrang, buuk sa taktak rumbai, galin
Comments