Yap kadieu

yap kadieu cinta
urang ningali balong
anu pinuh ku bentang
yap, yap kadieu

di dieu aya cikopi jeung bala bala
keur nguseup,
cenahmah hayang katumbiri
jeung layung, susuganan ngait

yap, yap kadieu
urang mapay mapay galeng
nenjoan sawah anu keur tibra
bari ngais kanyeri lemah cai

yap kadieu cinta
di dieu aya keneh sapiring kaheman anu nyesa
urut barudak
basa keur perang poe kamari

yap, yap kadieu
tuh geura
aya mega mawa kembang ros
bangun beuruem
euleuh itu
itu geura

yap, yap kadieu
aya angin keur lulumpatan
bari mawa beja
aya anu keur katresna

cipasung, 2 Januari 2004

Comments

Unknown said…
Terima kasih informasinya lumayan bisa menambah wawasan :*

Obat Panu Yang Paling Manjur Sedunia

Popular posts from this blog

Surti, Minceu Jeung Neng Inah (Euis bag. III)

Ucing Garong